:

2 Samuel 15

1

Sanggeus kitu Absalom nyadiakeun hiji kareta perang jeung kudana, katut lima puluh urang pangawal pribadi.

2

Unggal poe, isuk-isuk keneh pisan geus gugah, angkat ka lawang nagara, ngadeg sisi jalan. Unggal aya anu rek nyanggakeun urusanana ka raja, ku anjeunna dipegat, ditaros anu ti mana. Lamun dijawab yen ti salah sahiji kaom Israil,

3

Absalom ngalahir kieu, "Ceuk hukum mah maneh anu bener. Tapi hanjakal euweuh wawakil raja anu daekeun ngadenge perkara maneh."

4

Lamun tas sasauran kitu sok terus disambung, "Da lamun kami jadi hakim mah, saha oge meunang datang, perkarana moal teu diuruskeun reujeung adil!"

5

Upama jelemana nyampoyong arek nyembah sok geuwat disambut terus dirangkul.

6

Kitu bae damelna ka unggal urang Israil anu rek menta pangadilan ka raja. Atuh jelema-jelema teh kabeuli hatena.

7

Dina hiji mangsa, opat taun ti harita, Absalom unjukan ka Raja Daud, "Abdi neda idin ka Hebron, bade nekanan nadar ka PANGERAN.

8

Kapungkur, nalika di Gesur tanah Siria, abdi gaduh panadaran, yen upami abdi diparengkeun tiasa wangsul deui ka Yerusalem, bade ngabakti ka Mantenna di Hebron."

9

Waler raja, "Heug, sing salamet." Absalom angkat ka Hebron.

10

Tapi anjeunna geus ngintun-ngintunkeun utusan ka sakabeh kaom Israil sina embar-embar, yen, "Mun geus aya sora tarompet, maraneh kudu surak, ‘Absalom jumeneng raja di Hebron!’"

11

Absalom angkatna diiring ku dua ratus jelema urang Yerusalem, beunang ngahaja ngondang. Tapi maranehna mah ngiring teh sabiasana bae, teu aya niat nu sejen, da teu tarerangeun naon-naon kana paniatan Absalom mah.

12

Bari ngurban Absalom miwarangan jelema ka kota Gilo sina manggil Ahitopel, juru nasehat Raja Daud. Anu arek ngaralawan raja sakaitna beuki kuat, anu bariluk beuki loba.

13

Aya anu nguninga ka Daud, "Unjuk uninga, urang Israil parantos bariluk ka Absalom."

14

Saur Daud ka para mantri anu nyarengan di Yerusalem, "Urang nyingkir ayeuna keneh ari teu hayang ditangkep mah ku Absalom. Gancang! Bisi kaburu datang sarta nangkep urang, jeung bisi ngabasmi ka nu araya di Yerusalem!"

15

Wangsulna, "Leres, Gusti! Sumangga abdi sadaya seja tumut."

16

Raja geus angkat, disarengan ku sakabeh kulawargina jeung para ponggawa, kajaba sapuluh urang parekan anu ditinggalkeun sina nungguan karaton.

17

Sanggeus sumping ka imah anu pangjauhna, raja liren heula jeung sakabeh pangiringna.

18

Para ponggawa kabeh narangtung gedengeun raja, waktu pasukan pangawal raja liwat ngabaris di payuneunana. Kitu deui genep ratus urang prajurit ti Gat anu marilu ka anjeunna, eta oge liwat di payuneunana.

19

Itai, pamingpinna, ku raja dipariksa, "Paman, ku naon milu ka kami? Mending mulang deui ka kota ngiring raja anyar. Da Paman mah bangsa sejen, di dieu soteh keur ngungsi.

20

Paman di dieu ngan keur saheulaanan, jadi arek naon milu sangsara jeung kami. Kami mah rek sakaparan-paran, henteu puguh nu dijugjug. Jig geura mulang, babaturan kabeh bawa. Mugia PANGERAN teu kendat nyarengan ka Paman, maparin kasaean."

21

Itai ngawangsul, "Gusti, Paman sumpah nyebat pajenengan PANGERAN, ka mana bae ge paeh hirup seja ngiring."

22

Waler Daud, "Nuhun Paman! Hayu maju!" Itai maju jeung sakabeh pasukanana katut kulawarga-kulawargana.

23

Rayat anu dikantun ku Daud ear careurik. Ti dinya raja jeung rombonganana meuntasan Walungan Kidron rek ka tanah gurun.

24

Imam Sadok oge ngiring, diiring ku urang Lewi anu ngagarotong peti suci, Peti Perjangjian Allah. Cag eta Peti teh diecagkeun heula, sarta can waka digotong deui samemeh rombongan laliwat kabeh. Imam Abyatar oge ngiring.

25

Raja ngalahir ka Imam Sadok, "Eta Peti sae wangsulkeun deui ka dayeuh. Aya bae milik kaula mendak kurnia ti PANGERAN tangtu bisa mulang deui bisa deui ningal eta, jeung bisa deui ningal tempat Mantenna.

26

Sabalikna lamun kaula geus teu kamanah ku PANGERAN, kantun kumaha pangersa-Na, kaula sumeja pasrah."

27

Saurna deui ka Sadok, "Mangga mulih deui ka dayeuh. Tuang putra Ahimaas sareng Yonatan putra Abyatar candak. Mangga sing salamet.

28

Ari kaula rek ngantos di peuntaseun walungan di tanah gurun, ngantos wartos-wartos ti Bapa."

29

Tuluy Peti Perjangjian teh ku Sadok jeung Abyatar dicandak deui ka Yerusalem, sarta aranjeunna tetep di Yerusalem.

30

Daud nanjak ka Gunung Jetun bari nangis. Mastakana dicindung tawis keur prihatin, jeung teu ditarumpah-tarumpah acan. Anu ngariring oge dicarindung bari tingsalegruk.

31

Aya anu nguninga ka Daud yen Ahitopel biluk ka Absalom. Seug anjeunna neneda, "Nun PANGERAN, mugi-mugi sagala nasehat Ahitopel ulah aya anu kaanggap."

32

Sanggeus Daud aya di puncak pasir di tempat paranti sembahyang ka Allah, jol Husai urang Arki, mitra Daud. Pakeanana geus disosoeh sarta sirahna diawuran taneuh.

33

Saur Daud ka Husai, "Mending entong ngiring, moal aya mangpa’atna.

34

Langkung sae ka dayeuh deui ngawula ka Absalom. Unjukkeun sumeja sumujud kituh sapertos ka tuang rama. Nasehat Ahitopel ka raja ayonan sakedah polah.

35

Di ditu parantos aya Imam Sadok sareng Abyatar. Hal-hal anu kakuping di karaton wartoskeun ka aranjeunna.

36

Sagala katerangan anu geus kakumpulkeun ku saderek, ku aranjeunna bakal dititipkeun ka putrana, ka Ahimaas bin Sadok sareng ka Yonatan bin Abyatar, anu bakal nepikeun ka kaula di dieu."

37

Husai mitra Daud mulang ka dayeuh, kabeneran Absalom oge kakara sumping.

Link: